Home »
Puisi Sunda
» Teu Wanoh
Teu Wanoh
Written By Sanghyang Mughni Pancaniti on Jumat, 23 Agustus 2013 | 08.05
Hate rumegag, da teu wanoh
Wanci nu pinasti longkewang
Sanajan pasini di Tumaritis
Tos ajang tianggalna
Geuning rasa nu pinasti gilig teu ngahiji
Rasa nu mentang leupas tina sarangna
Rek neangan tempat nu tumaninah
Tempat nu bisa nepikeun tunggara
Tempat nu bisa nyuatkeun kapeurih
Tempat nu bisa ngaleupaskeun katugenah
Hemeng, teu manggih
Nu aya sauukur kalangkangna
Kalangkang nu taya raga badagna
Naha atuh teu wanoh?
Teu, sanajan kana kalangkang diri:
Datang timana?
Cicing dimana?
Terus rek kamana?
Dimana tungtung kalangkang diri?
Ah duka teuing, wanoh ge heunteu.
Cag: Ambu Heny Gustini
Label:
Puisi Sunda



0 komentar:
Speak up your mind
Tell us what you're thinking... !