Medar rasa na mangsa nu salah
Teu tarapti lantaran teu surti
Jurungkunungna nafsu
Ngagedur na catur tanpa bukur
Rengkak polah tos taya kadalini
Lir sagara nu rek bedah
Nyuluuh kanu teu tembong
Haying ngecagkeun raga
Nu pasolengkrah na tapak nu rangsak
Kaduhung teu dibendung
Hanjakal teu disungkal
Ngaberung nafsu mawa padungdung
Ngalentab bebeneran tapi katiwas
Ayeuna tinggal ngababatang
Ngalungsar katandasa lampah
Hirup teu neut
Paeh teu hos
Cag: Ambu Heny Gustini
Home »
Puisi Sunda
» Teu Tarapti
Teu Tarapti
Written By Sanghyang Mughni Pancaniti on Jumat, 23 Agustus 2013 | 08.09
Label:
Puisi Sunda



0 komentar:
Speak up your mind
Tell us what you're thinking... !