Headlines News :
 photo l.jpg
Home » » Juringkang

Juringkang

Written By Sanghyang Mughni Pancaniti on Jumat, 23 Agustus 2013 | 08.02

Juringkang mangsa
Siga rek wekasan
Alam mayapada ngabarungsinang
Seunggah rek lumampah
Sabab pangeusina paceklik ati
Malarat ku kaheman
Ngoletrak asih taya bangkarakna
Panyakit ati teu daek ngungsi
Migusti ka Nu Kawasa saukur saulas
Teu manceg na rasa nu neumrak
Teu mancuh na tangtungan
Ngoleang siga langlayangan

Juringkang mangsa
Siga rek wekasan
Nu rumingkang tas teu napas
Dina lampah nu merenah
Gawe susumbar nembongkeun aib
Tapak lacak dosa noncerak
Hoyong katanggar pinuh angkeuhan

Juringkang mangsa
Siga rek wekasan
Geus cangcaya kanu lumampah
Sihoreng geus pajurawet
Geus teu tembong kamanusaanna
Geus teu tembong jati dirina
Duh, Gusti.!
Kamana, manusa nu boga kamanusaan?

Cag: Ambu Heny Gustini Nur'aeni
Share this article :

0 komentar:

Speak up your mind

Tell us what you're thinking... !

 photo ww.jpg
 photo 2f569150-0123-4b85-aaf9-dade75ee4180.jpg
 
Web Develoved : KEBULBLOGING.COM | Sanghyang Mughni Pancaniti (Admin) | Mas Template (Template)
Copyright © 2013. Saung Ambu - All Rights Reserved
Template Design by Creating Website Published by Mas Template